RSS

CS. On-Line

Live Stream

Tentang Kita

UNIBBA Kampus II Subang, ngarupakeun tempat pikeun ngalanjutkeun pendidikan nu leuwih luhur, nu ngutamakeun ka Imanan, ka Taqwaan, Kualitas sarta Kuantitas SDM (Mahasiswa tur Mahasiswina) nu di hasilkeun. di resmikeun bulan April 2011 hasil kerja bareung Yayasan Pendidikan Sejahtera Insani jeung Yayasan Pendidikan Bale Bandung, UNIBBA Kampus II Subang, di pimpin ku Bpk. Ustd. Muryanto Herutomo, S.Pd.I M.sI nu alamatna di pusat kota Subang atawa di Jln. D.I Panjaitan No.54/69 Karanganyar, Subang 41211 nomor telp. (0260)47815 / Fax. (0260)417843 ... Dosen sareung Staff pangajarna ti Dosen senior UPI, UIN, UNPAD sarta di rojong oge ku Dosen - dosen nu teu tetep ti kalangan Universitas Nagari, UNIBBA Kampus II Subang ngabogaan salah sahiji program unggulan nu di utamakeun, nyaeta Program Dana Talangan pikeun Mahasiswa/i ti Koperasi Syariah KSK  salah sahiji divisi unit usaha Yayasan Pendidikan Sejahtera Insani bagian Palayanan Jasa.

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

1 komentar:

Moch. Ridwan Hasan Ilyas mengatakan...

Blog ini sudah tidah berlaku sesuai dengan pernyataan dari pimpinan UNIBBA di Bandung

Posting Komentar

World at Time





Coretan ...

Ucapkeun basmalah niatkeun dina jeroning ati sadaya nu ku urang di pilampah jeung di pigawe karna Alloh ta’ala. Kahade jang, bapa nitip, mun aya karikil atawa batu sasiki, dua siki dina jalan nu dipilampah ku urang omat geuwat sisikeun bisi matak cilaka ka batur jeung ka diri urang. Jadikeun nu geus karandapan katukang, hiji palajaran pikeun urang nyorang ka hirupan kahareup nu beuki dieu, beuki dekeut ka waktu nu geus di tangtukeun. kaduhung ayana moal tihareup, mantak mun urang rek ngalakonan salah sahiji pilampahan, kahade di pikir dibulak dibalik kudu teupi sing asak, ulah sok gesot borosot nu antukna kaduhung di tungtung. waktu jalanna maju lain mundur, nu parantos karandapan ti tukang moal bisa ka ulang dina waktu kahareup. sakali deui omat kahade sagala rupa nu di pigawe, di pilampah pareungan ku niat karna Alloh ta'ala. ulah ka gugu ku nafsu, kabita ku dunya.